Lamun urang ninun kantéh
ulah
resep maké poléng
Lamun urang leutik kénéh
ulah
resep ngomong goréng
Mun engké mesék kalapa
pasti
butuh ku cipati
Mun hadé
ka indung bapa
pasti
diasih ku Gusti
Mihapé sisir jeung minyak
kadé
kaancloman leungeun
Mihapé
pikir jeung niat
kadé
kaangsonan deungeun
Meulak Saledri
sareung kangkung
Tangkalna dua ngahiji
Loba Istri ditariungHanjakal teu bisa Ngaji
ninyuh ubar ku
cipati
diwadahan piring gelas
anu sabar éta pasti
ku Allah dipikawelas
papan kiara
ditatah
iraha jadi lomari
mun bisa miara létah
mokaha salamet diri
Samping
kageutahan dukuh
di
kelas di kacaikeun.
Nu
matak maneh sing kukuh,
papatah
guru imankeun.
Hampelas
raraga jati,
Palataran
babalean,
Iklas raga reujeung pati,
Lantaran ti kahadean.
Peupeujeuh ari ka dayeuh,
Meuli
kupat jeung gorengan,
Peupeujeuh
ari geus euweuh,
Ulah ngupat kagorengan.
Cukleuk
leuweung cukleuk lamping,
Jauh ka sintung kalapa,
Lieuk
deungeun lieuk lain, Jauh ka indung bapa.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar